Showing posts with label Basa Sunda. Show all posts
Showing posts with label Basa Sunda. Show all posts

Thursday, September 9, 2010

SMS Bahasa Sunda

  1. Niti wanci nu mustari , ninggang mangsa nusampurna , dina Idul Fitri anu ieu.. hayu urang sami-sami ngabersihkeun rereged ati.. tina khilaf sinareng dosa.. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
  2. Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu teu merenah, wilujeng boboran shiam neda sih hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng bathin.
  3. Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran....... tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri.... mugi urang kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri..... wilujeng boboran shiam 1430 H. Hapunten samudaya kalepatan.
  4. Laligarna tarate dina talaga hate. nyambuangna seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan antawis urang. Wilujeng boboran shiam 1430 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.
  5. Batin nu usik nyaliksik diri, bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kadudut kalindu qalbu,mugia rido galih jembar pangampura tina samudayaning kalepatan. wilujeng boboran shiam 1430 H. Hapunten samudaya kalepatan.
  6. Ngahaturakeun wilujeng boboram shiam 1 syawal 1430 H, bilih kantos nyungkelit dina ati, tugenah dina manah, kasiku catur, katajong omong ku pribados, mugi ridho ngahpunten samudaya kalepatan.
  7. Bilih aya langkung saur bahe carek , Kaciwit kulit kabawa daging, Tunggul dirurut catang dirumpak, Nyungkelit ati teugeunah manah, Mudut pangampura , Wilujeung boboran shiam 1430 H
  8. Wening galih nu dipamrih , Jembar manah nu dipilampah , Wilujeng boboran shiam 1428H,
    kalayan neda pangapunten tina samudayaning kalepatan
  9. Sugrining runtah kalepatan dina manah , nyeuri peurihna ati sanubari , mugia lubar ku silaturahmi,
    Wilujeng boboran shiam 1430 H . Taqobalallahu minaa waminkum
  10. Sanajan raga paanggang, teu bisa amprok dampal panangan ,
    Ngan saukur bisa ngirim surat, chating jeung SMSsan
    Kalayan dibarengan ku kaikhlasan, neda dihapunten samudaya kalepatan
    Wilujeng Boboran Syiam 1430 H
  11. Kedaling rasa nu pinuh ku bangbaluh hate, urang lubarkeun, ngawengku pinuh ku nyuuh,
    meungpeung wanci can mustari., Neda dihapunten kana samudaya kalepatan,
    bilih kantos nyungkelit dina ati, kasiku catur, katajong omong dina cariosan anu matak ngarahetkeun kana manah, kumargi urang mah teu tiasa lumpat tina kalepatan sareng kakhilafan. Sim kuring ngahaturkeun Taqabalallahu Minna Wa Minkum, Wilujeung Boboran Shiam 1430 H
  12. Weninggalih nu dipamrih, jembar panalar nu diteda, kana laku nu teu luyu, kana lampah nu sulaya.. Wilujeng boboran shiam 1430 H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
  13. Wening galih nu dipamrih jembar manah nu diseja mugi agung cukup lumur neda kana samudaya kalepatan lahir tumakaning batin, wilujeng boboran siam
  14. Mugi cukup lumur jembar pangampura bilih aya bobo sapanon carang sapakan neda dihapunten samudaya kalepatan. wilujeng boboran siam
  15. Bersih galih nu diperedih, leah mana nu diseja, dina ieu fitri kiwari, wanci nu mustari susuci diri nyanggakeun hapunten nukasuhun
  16. Nyucruk laku sunah Rasul, mapay lacak agama islam, gema takbir nu agung dipungkas kutali
    silaturahim neda pangampura kasadayana wilujeng boboran shiam 1430 H
  17. Jatidiri anu suci rasa jiwa nu tanpa noda , mugia sing ngajadi disarengan ku iman taqwa, nuantukna nunda kanyaah, nyimpen kadeudeuh, silih hampura kapapada jalma, panuhun sihapunten sadaya . Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum
  18. Kaluluputan kalelepatan simkuring saparakanca, wilujeng boboran siam nyuciken diri ka Illahi, hampura diri ka gusti nu maha suci, mugia dina ieu fitri, sungkem diri ngajadikeun jalmi nu fitri, wilujeng boboran Boboran Shiam 1430 H.
  19. Nitih wanci nu mustari ninggang mangsa nu utama, nyucikeun panyakit ati, balik diri kanu suci hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. wilujeng boboran siam.
  20. Tina weningna ati nu surti, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu kaukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda pangapunten lahir tumekaning batin, mugi luntur qolbu jembar pangampura. Wilujeng boboran siam 1430 H. Taqobalallohu mina waminkum siamana wasiamakum, minal ‘aidin walfaizin.
  21. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim.
  22. Bilih aya luhur saur bahé carék, tutur nu teu kaukur, laku-lampah nu teu merenah dugi ka ngaraheutkeun manah, di bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir batin, hayu urang mapag 1 Syawal 1429 H ku kabungahan tur kaikhlasan.
  23. Harta paling berharga adalah sabar, teman paling setia adalah amal, ibadah paling indah adalah ikhlas, harga diri paling tinggi adalah iman, dan pekerjaan paling berat adalah memaafkan. maaf untuk lisan yang tak terjaga, hati yang yang berprasangka, janji yang terabaikan dan sikap yang pernah menyakitkan. Taqobalallohu minna waminkum syimana wa shiyamakum. Minal aidzin wal faidzin.
  24. Ti Lahir dugi ka Bathin.. Pamundut nu kapihatur , ligar manah ku kaikhlasan , tiasa ngalubarkeun, tina sanes kanten samudaya kalepatan, inggis catur teu kaukur , lampah lali nincak salah , neda sihapuntenna. Wilujeng boboran shiam 1429 H
  25. Wilujeng boboran siam 1429. Minal aidin wal faizin. Mugi barokah Ramadhan nuyun lakuning lampah urang dina enggoning nyorang sawelas sasih anu bakal karandapan.
  26. Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan “wilujeng boboran shiam” neda dihapunten lahir tumekaning batin.
  27. Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakufna nu kasuhun. Hapunten sadaya kalepatan.wilujeng boboran
  28. Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa dada bari reureuh milang dosa, breh bulan pangharepan geus lekasan poe fitri nembongan. Neda sihapunten
  29. Najan panangan teu amprok, basa teu nyapa, raray teu tepang. hate sanubari meredih kedah silih bebaskeun, diri silih sucikeunn, mudah2an urang sadayana janten jalmi nu taqwa.amin
  30. Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. taqoballhu minnawmnkum,taqobalahuyakarim

Sakali deui bilih aya nu bade nambihan Koleksi SMS Lebaran Idul Fitri Ku Bahasa Sunda.. mangga diantos.. cag ah

Saturday, October 10, 2009

Kerajaan Sunda (1)

Kerajaan Sunda (669-1579 M), menurut naskah Wangsakerta merupakan kerajaan yang berdiri menggantikan kerajaan Tarumanagara. Kerajaan Sunda didirikan oleh Tarusbawa pada tahun 591 Caka Sunda (669 M). Menurut sumber sejarah primer yang berasal dari abad ke-16, kerajaan ini merupakan suatu kerajaan yang meliputi wilayah yang sekarang menjadi Provinsi Banten, Jakarta, Provinsi Jawa Barat , dan bagian barat Provinsi Jawa Tengah.

Berdasarkan naskah kuno primer Bujangga Manik (yang menceriterakan perjalanan Bujangga Manik, seorang pendeta Hindu Sunda yang mengunjungi tempat-tempat suci agama Hindu di Pulau Jawa dan Bali pada awal abad ke-16), yang saat ini disimpan pada Perpustakaan Boedlian, Oxford University, Inggris sejak tahun 1627), batas Kerajaan Sunda di sebelah timur adalah Ci Pamali ("Sungai Pamali", sekarang disebut sebagai Kali Brebes) dan Ci Serayu (yang saat ini disebut Kali Serayu) di Provinsi Jawa Tengah.

Tome Pires (1513) dalam catatan perjalanannya, Suma Oriental (1513 – 1515), menyebutkan batas wilayah Kerajaan Sunda di sebelah timur sebagai berikut:

“ Sementara orang menegaskan bahwa kerajaan Sunda meliputi setengah pulau Jawa. Sebagian orang lainnya berkata bahwa Kerajaan Sunda mencakup sepertiga Pulau Jawa ditambah seperdelapannya lagi. Katanya, keliling Pulau Sunda tiga ratus legoa. Ujungnya adalah Ci Manuk. ”

Menurut Naskah Wangsakerta, wilayah Kerajaan Sunda mencakup juga daerah yang saat ini menjadi Provinsi Lampung melalui pernikahan antara keluarga Kerajaan Sunda dan Lampung. Lampung dipisahkan dari bagian lain kerajaan Sunda oleh Selat Sunda.

Kerajaan Sunda (2)

Hubungan Kerajaan Sunda dengan Eropa

Kerajaan Sunda sudah lama menjalin hubungan dagang dengan bangsa Eropa seperti Inggris, Perancis dan Portugis. Kerajaan Sunda malah pernah menjalin hubungan politik dengan bangsa Portugis. Dalam tahun 1522, Kerajaan Sunda menandatangani Perjanjian Sunda-Portugis yang membolehkan orang Portugis membangun benteng dan gudang di pelabuhan Sunda Kelapa. Sebagai imbalannya, Portugis diharuskan memberi bantuan militer kepada Kerajaan Sunda dalam menghadapi serangan dari Demak dan Cirebon (yang memisahkan diri dari Kerajaan Sunda).

Sejarah

Sebelum berdiri sebagai kerajaan yang mandiri, Sunda merupakan bawahan Tarumanagara. Raja Tarumanagara yang terakhir, Sri Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa Panunggalan Tirthabumi (memerintah hanya selama tiga tahun, 666-669 M), menikah dengan Déwi Ganggasari dari Indraprahasta. Dari Ganggasari, beliau memiliki dua anak, yang keduanya perempuan. Déwi Manasih, putri sulungnya, menikah dengan Tarusbawa dari Sunda, sedangkan yang kedua, Sobakancana, menikah dengan Dapuntahyang Sri Janayasa, yang selanjutnya mendirikan kerajaan Sriwijaya. Setelah Linggawarman meninggal, kekuasaan Tarumanagara turun kepada menantunya, Tarusbawa. Hal ini menyebabkan penguasa Galuh, Wretikandayun (612-702) memberontak, melepaskan diri dari Tarumanagara, serta mendirikan Galuh yang mandiri. dari pihak Tarumanagara sendiri, Tarusbawa juga menginginkan melanjutkan kerajaan Tarumanagara. Tarusbawa selanjutnya memindahkan kekuasaannya ke Sunda, sedangkan Tarumanagara diubah menjadi bawahannya. Beliau dinobatkan sebagai raja Sunda pada hari Radite Pon, 9 Suklapaksa, bulan Yista, tahun 519 Saka (kira-kira 18 Mei 669 M). Sunda dan Galuh ini berbatasan, dengan batas kerajaanya yaitu sungai Citarum (Sunda di sebelah barat, Galuh di sebelah timur).

Kerajaan kembar

Putera Tarusbawa yang terbesar, Rarkyan Sundasambawa, wafat saat masih muda, meninggalkan seorang anak perempuan, Nay Sekarkancana. Cucu Tarusbawa ini lantas dinikahi oleh Rahyang Sanjaya dari Galuh, sampai mempunyai seorang putera, Rahyang Tamperan. Saat Tarusbawa meninggal (tahun 723), kekuasaan Sunda jatuh ke Sanjaya, yang di tahun itu juga berhasil merebut kekuasaan Galuh dari Rahyang Purbasora (yang merebut kekuasaan Galuh dari ayahnya, Bratasenawa/Rahyang Séna). Oleh karena itu, di tangan Sanjaya, Sunda dan Galuh bersatu kembali. Untuk meneruskan kekuasaan ayahnya yang menikah dengan puteri raja Keling (Kalingga), tahun 732 Sanjaya menyerahkan kekuasaan Sunda-Galuh ke puteranya, Tamperan. Di Keling, Sanjaya memegang kekuasaan selama 22 tahun (732-754), yang kemudian diganti oleh puteranya dari Déwi Sudiwara, Rarkyan Panangkaran.

Rahyang Tamperan berkuasa di Sunda-Galuh selama tujuh tahun (732-739), lalu membagi kekuasaan pada dua puteranya: Sang Manarah (dalam carita rakyat disebut Ciung Wanara) di Galuh serta Sang Banga (Hariang Banga) di Sunda. Sang Banga (Prabhu Kertabhuwana Yasawiguna Hajimulya) menjadi raja selama 27 tahun (739-766), tapi hanya menguasai Sunda dari tahun 759.

Dari Déwi Kancanasari, keturunan Demunawan dari Saunggalah, Sang Banga mempunyai putera, bernama Rarkyan Medang, yang kemudian meneruskan kekuasaanya di Sunda selama 17 tahun (766-783) dengan gelar Prabhu Hulukujang. Karena anaknya perempuan, Rakryan Medang mewariskan kekuasaanya kepada menantunya, Rakryan Hujungkulon atau Prabhu Gilingwesi (dari Galuh, putera Sang Mansiri), yang menguasai Sunda selama 12 tahun (783-795). Karena Rakryan Hujungkulon inipun hanya mempunyai anak perempuan, maka kekuasaan Sunda lantas jatuh ke menantunya, Rakryan Diwus (dengan gelar Prabu Pucukbhumi Dharmeswara) yang berkuasa selama 24 tahun (795-819). Dari Rakryan Diwus, kekuasaan Sunda jatuh ke puteranya, Rakryan Wuwus, yang menikah dengan putera dari Sang Welengan (raja Galuh, 806-813). Kekuasaan Galuh juga jatuh kepadanya saat saudara iparnya, Sang Prabhu Linggabhumi (813-842), meninggal dunia. Kekuasaan Sunda-Galuh dipegang oleh Rakryan Wuwus (dengan gelar Prabhu Gajahkulon) sampai ia wafat tahun 891.

Sepeninggal Rakryan Wuwus, kekuasaan Sunda-Galuh jatuh ke adik iparnya dari Galuh, Arya Kadatwan. Hanya saja, karena tidak disukai oleh para pembesar dari Sunda, ia dibunuh tahun 895, sedangkan kekuasaannya diturunkan ke putranya, Rakryan Windusakti. Kekuasaan ini lantas diturunkan pada putera sulungnya, Rakryan Kamuninggading (913). Rakryan Kamuninggading menguasai Sunda-Galuh hanya tiga tahun, sebab kemudian direbut oleh adikna, Rakryan Jayagiri (916). Rakryan Jayagiri berkuasa selama 28 tahun, kemudian diwariskan kepada menantunya, Rakryan Watuagung, tahun 942. Melanjutkan dendam orangtuanya, Rakryan Watuagung direbut kekuasaannya oleh keponakannya (putera Kamuninggading), Sang Limburkancana (954-964). Dari Limburkancana, kekuasaan Sunda-Galuh diwariskan oleh putera sulungnya, Rakryan Sundasambawa (964-973). Karena tidak mempunyai putera dari Sundasambawa, kekuasaan tersebut jatuh ke adik iparnya, Rakryan Jayagiri (973-989).

Rakryan Jayagiri mewariskan kekuasaannya ka puteranya, Rakryan Gendang (989-1012), dilanjutkan oleh cucunya, Prabhu Déwasanghyang (1012-1019). Dari Déwasanghyang, kekuasaan diwariskan kepada puteranya, lalu ke cucunya yang membuat prasasti Cibadak, Sri Jayabhupati (1030-1042). Sri Jayabhupati adalah menantu dari Dharmawangsa Teguh dari Jawa, mertua raja Erlangga (1019-1042).

Dari Sri Jayabhupati, kekuasaan diwariskan kepada putranya, Dharmaraja (1042-1064), lalu ke cucu menantunya, Prabhu Langlangbhumi ((1064-1154). Prabu Langlangbhumi dilanjutkan oleh putranya, Rakryan Jayagiri (1154-1156), lantas oleh cucunya, Prabhu Dharmakusuma (1156-1175). Dari Prabu Dharmakusuma, kekuasaan Sunda-Galuh diwariskan kepada putranya, Prabhu Guru Dharmasiksa, yang memerintah selama 122 tahun (1175-1297). Dharmasiksa memimpin Sunda-Galuh dari Saunggalah selama 12 tahun, tapi kemudian memindahkan pusat pemerintahan kepada Pakuan Pajajaran, kembali lagi ke tempat awal moyangnya (Tarusbawa) memimpin kerajaan Sunda.

Sepeninggal Dharmasiksa, kekuasaan Sunda-Galuh turun ke putranya yang terbesar, Rakryan Saunggalah (Prabhu Ragasuci), yang berkuasa selama enam tahun (1297-1303). Prabhu Ragasuci kemudian diganti oleh putranya, Prabhu Citraganda, yang berkuasa selama delapan tahun(1303-1311), kemudian oleh keturunannya lagi, Prabu Linggadéwata (1311-1333). Karena hanya mempunyai anak perempuan, Linggadéwata menurunkan kekuasaannya ke menantunya, Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340), kemudian ke Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350). Dari Prabu Ragamulya, kekuasaan diwariskan ke putranya, Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357), yang di ujung kekuasaannya gugur di Bubat (baca Perang Bubat). Karena saat kejadian di Bubat, putranya -- Niskalawastukancana -- masih kecil, kekuasaan Sunda sementara dipegang oleh Patih Mangkubumi Sang Prabu Bunisora (1357-1371).

Prasasti Kawali di Kabuyutan Astana Gedé, Kawali, Ciamis.

Sapeninggal Prabu Bunisora, kekuasaan kembali lagi ke putra Linggabuana, Niskalawastukancana, yang kemudian memimpin selama 104 tahun (1371-1475). Dari isteri pertama, Nay Ratna Sarkati, ia mempunyai putera Sang Haliwungan (Prabu Susuktunggal), yang diberi kekuasaan bawahan di daerah sebelah barat Citarum (daerah asal Sunda). Prabu Susuktunggal yang berkuasa dari Pakuan Pajajaran, membangun pusat pemerintahan ini dengan mendirikan keraton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Pemerintahannya terbilang lama (1382-1482), sebab sudah dimulai saat ayahnya masih berkuasa di daerah timur.

Dari Nay Ratna Mayangsari, istrinya yang kedua, ia mempunyai putera Ningratkancana (Prabu Déwaniskala), yang meneruskan kekuasaan ayahnya di daerah Galuh (1475-1482).

Susuktunggal dan Ningratkancana menyatukan ahli warisnya dengan menikahkan Jayadéwata (putra Ningratkancana) dengan Ambetkasih (putra Susuktunggal). Tahun 1482, kekuasaan Sunda dan Galuh disatukan lagi oleh Jayadéwata (yang bergelar Sri Baduga Maharaja). Sapeninggal Jayadéwata, kekuasaan Sunda-Galuh turun ke putranya, Prabu Surawisésa (1521-1535), kemudian Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543), Prabu Sakti (1543-1551), Prabu Nilakéndra (1551-1567), serta Prabu Ragamulya atau Prabu Suryakancana (1567-1579). Prabu Suryakancana ini merupakan pemimpin kerajaan Sunda-Galuh yang terakhir, sebab setelah beberapa kali diserang oleh pasukan dari Kesultanan Banten, di tahun 1579 kekuasaannya runtuh.

Raja-raja Kerajaan Sunda

Di bawah ini deretan raja-raja yang pernah memimpin Kerajaan Sunda menurut naskah Pangéran Wangsakerta (waktu berkuasa dalam tahun Masehi):

  1. Tarusbawa (menantu Linggawarman, 669 - 723)
  2. Harisdarma, atawa Sanjaya (menantu Tarusbawa, 723 - 732)
  3. Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
  4. Rakeyan Banga (739 - 766)
  5. Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
  6. Prabu Gilingwesi (menantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
  7. Pucukbumi Darmeswara (menantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
  8. Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
  9. Prabu Darmaraksa (adik ipar Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
  10. Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
  11. Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
  12. Rakeyan Jayagiri (menantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
  13. Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
  14. Limbur Kancana (putera Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
  15. Munding Ganawirya (964 - 973)
  16. Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
  17. Brajawisésa (989 - 1012)
  18. Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
  19. Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
  20. Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
  21. Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
  22. Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
  23. Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
  24. Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
  25. Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
  26. Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
  27. Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
  28. Prabu Linggadéwata (1311-1333)
  29. Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
  30. Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
  31. Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (yang gugur dalam Perang Bubat, 1350-1357)
  32. Prabu Bunisora (1357-1371)
  33. Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
  34. Prabu Susuktunggal (1475-1482)
  35. Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
  36. Prabu Surawisésa (1521-1535)
  37. Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
  38. Prabu Sakti (1543-1551)
  39. Prabu Nilakéndra (1551-1567)
  40. Prabu Ragamulya atau Prabu Suryakancana (1567-1579)

Saturday, August 22, 2009

Carita Kaulinan jeung Kakawihan Sunda

Haturnuhun ka rencang2 anu tos ninggal blog abdi, ieu daftar carita jeung kakawihan basa sunda anu ku abdi tos dikumpulkeun di sabaraha sumber, mudah2an tiasa nambih elmu kanggo sadaya anu ngaos blog abdi.

Kaulinan
1. Ambila-ambilan
Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu
saha nu di ambil
kami mah budak pahatu
purah nutu purah ngejo
purah ngasakan baligo
purah tunggu bale gede
nyerieun sukuna kacugak ku kaliage
aya ubarna urat gunting sampurage
tiguling nyocolan dage
.

2.Cingciripit
Cingciripit
tulang bajing kacapit
kacapit ku bulu pare
bulu pare seuseukeutna
jol Pa Dalang
mawa wayang jrek-jrek nong.....

3.Lalandakan
Landak landak sonari
kop cau kop tiwu
hakaneun sia janari
bekel miang ka batawi
kop jurig jarian
kop jurig tangkod
kop jurig pacilingan
kop jurig onom......

4.Oray-orayan
Oray orayan
luar leor mapay sawah
tong ka sawah
parena keur sedeng beukah
Oray-orayan
laur leor mapay leuwi
tang ka leuwi
di leuwi loba nu mandi
Oray-orayan
oray naon, orya bungka, bungka naon, bungka laut
laut naon, laut dipa, dipa naon,...dipandeuriiiii...


Kakawihan Barudak

1. Ayang-ayanggung
Ayang-ayanggung
gung goongna rame
menak ki Wastanu
nu jadi wadana
naha maneh kitu
tukang olo-olo
loba anu giruk
ruket jeung kompeni
niat jadi pangkat
katon kagorengan
ngantos kanjeng dalem
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong
jalan ka batawi ngemplong

2.Margaluyu
Bang-bang kalima lima gobang, bang
bangkong di tengah sawah, wah
wahai tukang bajigur, gur
guru sakola desa, sa
saban poe ngajar, jar
jarum paranti ngaput, put
putri nu gareulis, lis
lisung kadua halu, lu
luhur kapal udara, ra
ragrag di Jakarta, ta
taun opat hiji, ji
haji rek ka mekah, kah
kahar tujuh rebu, bu
buah meunang ngala, la
lauk meunang nyobek, bek
beker meunang muter, ter
terus ke Citapen, pen
pena gagang kalam, lam
lampu eujeung damar, mar
mari kueh hoho, ho
hotel pamandangan, ngan
ngantos kangjeng dalem, lem
lempa lempi lempong
ngadu pipi jeung nu ompong


3.Ole-ole Ogong
Ole-ole ogong
melak cabe di tarogong
dihakan ku mebe ompong
diteang kari sapotong

au au aheng
beuleum cau tutung geheng
embe embe domba
anak sapi tutunggulan

ema ema weya
si sahi kabuhulan
hayang geura diinuman
embe embe domba
anak sapi tuntunggulan
ema ema weya
si sahi pupundukan
ku baturna ditumbukan

4.Rat-rat Gurisat
Rat rat gurisat
nini engrat paeh tiselap
tiselap kana kuciat
dibura ku laja tuhur
laja tuhur meunang ngunun
meunang ngunun tujuh taun
kadalapan diburakeun
nyeh prot...nyeh prot...nyehhhh prrroootttttt.


Kakawihan

Jung Jae
Jung jae balakatanjung jae
pucuk menyan mang soyi
gedong malati riri
riri nyandung ka gusti dalem tumenggung bandung
bandung tipung polongpong
sa undal endol poho
poho tadi lalajo teu mawa simbut butut
butut betet kekempis
munding kadempet jebred...!


Ngaran Kekembangan
kembang awi = eumbreuk
kembang bako = bosongot
kembang bawang = ulated
kembang bolang = ancal
kembang boled = tela
kembang cabe = bolotot
kembang cau = jantung
kembang cengek = pencenges
kembang cikur = jelengut
kembang eurih = ancul
kembang gedang = ingwang
kembang genjer = gelenye
kembang hoe = bubuay
kembang honje = combrang
kembang jaat = jalinger
kembang jambe = mayang
kembang jambu aer = lenyap
kembang jarak = uing
kembang jengkol = merekenyenyen
kembang jeruk = angkruk/angkes
kembang jotang = puntung
kembang kadu = olohok
kembang kalapa = suligar
kemang peuteuy = pendul
kembang kaso = curiwis
kembang kawung = pengis
kembang koneng = badul
kembang kulur = pelepes
kembang laja = jamotrot
kembang leunca = pengit
kembang limus = seleksek
kembang lopang = cacas
kembang muncang = rinduy
kembang pare = ringsang
kembang salak = sedek/gojod
kembang sampeu = dingdet
kembang taleus = ancal
kembang tangkil = uceng
kembang terong = moncorong
kembang tiwu = badaus
kembang waluh = alewoh.



Sisindiran aya dua nyaeta Rarakitan sareng Paparikan

Rarakitan

Daek soteh ka cinangka
ka Cisitu mah teu purun
Daek soteh ka manehna
ka nu itu mah teu purun

Hayang teuing buah hiris
teu bisa ngasakanana
Hayang teuing ka nu geulis
teu bisa ngakalanana.

Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
sono patepang di jalan.

Kambang goyang jeung ermawar
pacampur jeung kacapiring
Hariwang rea kakelar
tagiwur teu genah cicing.

Majar maneh cengkeh koneng
kulit peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
kulit beuteung mani nambru.

Rarasaan melak cau
teu nyaho mun melak jahe
Rarasaan matak lucu
teu nyaho mun matak rehe.

Paparikan

Aya meri dina rakit
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
kabogoh direbut batur

Cau naon cau naon
cau kulutuk di juru
bau naon bau naon
bau hitut nu di juru

Cikur jangkung jahe koneng
lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkong koneng
puguh mah bureuteu hideung

Poe Saptu poe kemis
salasa heuleut heuleutan
Saha itu nu muril kumis
leumpangna eundeuk eundeukan


Wawangsalan

Abdi mah caruluk arab,
hanteu tarima teh teuing = korma

Abdi teh kapiring leutik,
kaisinan ku gamparan = pisin

Bangkong lodor meuntas jalan,
titis tulis bagja awak = bayawak

Bale direka masjid,
nya pikir bati rumanjug = tajug

Asal hiji jadi dua,
temah matak sesah ati = walimah

Cakcak gede kadal bilik,
ulah dipake mokaha = toke

Puter putih saba lembur,
kuring seja bela pati = japati

Sendok batok digagangan,
geus lawas abdi ngalayung = gayung


Ngaran Anak Sasatoan
anak anjing = kirik/kicik
anak bagong = begu
anak bandeng = nanar/nener
anak banteng = bangkanang
anak bangbung = kuuk
anak bangkong = buruy
anak belut = kuntit
anak bogo = cingok
anak boncel = bayong
anak buhaya = bocokok
anak deleg/gabus = boncel/kocolan/kokocolan
anak entog = titit
anak embe = ceme
anak gajah = menel
anak hayam = ciak/pitik
anak japati = piyik
anak keuyeup = bonceret
anak kuda = belo
anak kukupu = hileud
anak kutu = kuar
anak lancah = aom
anak lauk = kebul/burayak
anak lele = nanahaon
anak lubang = leungli
anak maung = juag/aum
anak meri = titit
anak monyet = begog
anak munding = eneng
anak reungit = utek-utek
anak sapi = pedet
anak ucing = bilatung


Ubar kamerkaan
Abdi mah emut ka pun ema, geuning ari nuju alit mah upami buka puasa teh sok teu kinten-kinten (malah dugi ka ayeuna), sagala lebet nya balukarna mah kamerkaan tea. tah ari tos kitu mah pun ema turun tangan, sederhana pisan ngubaranna teh, nya patuangan teh di gosok-gosok lalaunan nganggo pangarih logam atanapi sendok sayur bari ngahariring:

cangkakak di leuweung injuk talina
didahar dibeuweung hitut jadina
plus plong ka Cikalintu, plus plong ka Cikalintu

duk dalikduk kejo butut jadi huut
didahar dibeuweung hitut jadina
plus plong ka Cikalintu, plus plong ka Cikalintu

Diulang-ulang dugi ka karaos mendingan namung duka sugesti duka enya, da patuangan teh sok teras ngemplong, nya tiasa nambih kolek sagelas deui mah, atuda gembul tikudrat.
Kintunan sule.king@yahoo.com, 6 Juli 2000

Guguritan/pupuh
(Dicutat ku M Sasmita tina Ulikan Sastra karangan Drs. Taufik Faturohman)

Kecap gurit asal tina basa Sangsekerta grath anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing. Nurutkeun wincikanana dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek nu beda beda. Istilahna:
- Pada
- Padalisan
- Guru Wilangan ( jumlah engang dina unggal padalisan )
- Guru Lagu (dangdingdungna sora vokal dina engang panungtung)

1. Asmarandana
Watekna silih asih silih pikanyaah atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:

Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal 'i' )
  • E/ling/e/ling/ma/sing/e/ling (= guru wilangan 8)
    'eling' panungtung vokalna i (= guru lagu i)
rumingkang di bumi alam ( 8 - a )
darma wawayangan bae ( 8 - e )
raga taya pangawasa ( 8 - a )
lamun kasasar lampah ( 7 - a )
nafsu nu matak kaduhung ( 8 - u )
badan anu katempuhan ( 8 - a )


2. Balakbak
Watekna pikaseurieun.
Unggal pada diwangun ku 3 padalisan.
Contona:

Aya warung sisi jalan rame pisan - Citameng (15-e)
Awewena luas luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e)

3. Dangdanggula
Watekna bungah atawa agung.
Unggal pada diwangun ku sapuluh padalisan.
Contona:

Laut Kidul kabeh katingali ( 10-i )
ngembat paul kawas dina gambar ( 10-a )
ari ret ka tebeh kaler ( 8-e )
Batawi ngarunggunuk ( 7 - u )
lautna mah teu katingali ( 9 - i )
ukur lebah lebahna ( 7 - a )
semu semu biru ( 6 - u )
ari ret ka tebeh wetan ( 8 - a )
gunung gede jiga nu ngajakan balik ( 12 - i )
meh bae kapiuhan ( 7 - a )


4. Jurudemung
Watekna kaduhung atawa hanjakal.
Unggal pada diwangun ku lima padalisan

Contona:


Badan nu katempuhan ( 8 - a )
da bongan ngalajur nafsu ( 8 - u )
peurihna kapanggih ( 6 - i )
rek bongan bongan ka saha ( 8 - a )
ayeuna bati kaduhung ( 8 - u )


5. Durma
Watekna heuras atawa siap rek tarung.
Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan.

Contona:


Mundur mapag balad Pandawa teu tahan ( 12 - a )
barisan beuki ipis ( 7 - i )
digempur Kurawa ( 6 - a )
Senapatina Karna ( 7 - a )
sakti manggulang mangguling ( 8 - i )
hese pantarna ( 5 - a )
moal aya nu nanding ( 7 - i )

6. Gambuh
Watekna bingung, samar polah atawa tambuh laku.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:


Ngahuleng banget bingung ( 7 - u )
henteu terang ka mana ngajugjug ( 10 - u )
turug turug harita teh enggeus burit ( 12 - i )
panon poe geus rek surup ( 8 - u )
keueung sieun aya meong ( 8 - o )


7. Gurisa
Watekna pangangguran, lulucon atawa tamba kesel.
Unggal Pada di wangun ku dalapan padalisan.
Contona:

Hayang teuing geura beurang ( 8 - a )
geus beurang rek ka Sumedang ( 8 - a )
nagih anu boga hutang ( 8 - a )
munmeunang rek meuli soang ( 8 - a )
tapi najan henteu meunang ( 8 - a )
teu rek buru buru mulang ( 8 - a )
rek tuluy guguru nembang ( 8 - a )
jeung diajar nabeuh gambang ( 8 - a )


8. Kinanti
Watekna miharep atawa prihatin.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:


Kembang ros ku matak lucu ( 8 - u )
nya alus rupa nya seungit ( 8 - i )
henteu aya papadana ( 8 - a )
ratuning kembang sajati ( 8 - i )
papaes di patamanan ( 8 - a )
seungit manis ngadalingding ( 8 - i )

9. Ladrang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwnagun ku opat padalisan.
Contona:

Aki Dartam leumpangna ngagidig ( 10 - i )
gancang pisan, gancang pisan ( 8 - a )
bari aya nu dijingjing ( 8 - i )
mawa kisa eusina ucing anakan ( 12 - a )


10. Lambang
Watekna banyol atawa pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun iu opat padalisan.
Contona:

Nawu kubang sisi tegal ( 8 - a )
nyair bogo meunang kadal ( 8 - a )
atuh teu payu dijual ( 8 - a )
rek didahar da teu halal ( 8 - a )

11. Magatru
Watekna lulucon deukeut deukeut kana prihatin.
Unggal Pada diwangun ku lima padalisan.
Contona:

Mun sumuhun ieu teh namina curuk ( 12 - u )
nu alit namina cingir ( 8 - i )
anu panjang mah jajangkung ( 8 - u )
gigireunana jariji ( 8 - i )
anu pangageungna jempol ( 8 - o )


12. Maskumambang
Watekna prihatin, sasambat atawa nalangsa.
Unggal Pada diwangun kiu opat padalisan.
Contona:

Jalma kedul mumul ditambah jejerih ( 12 - i )
ulah ngarep senang ( 6 - a )
sabab mungguhing rejeki ( 8 - i )
tara datang teu disiar ( 8 - a )

13. Mijil
Watekna sedih, susah atawa cilaka.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan
Contona:

Beurang peuting tambah cape ati ( 10 - i )
jeung tambah rampohpoy ( 6 - o )
wungkul inget ka kabogoh wae ( 10 - e )
mugi aya kadar panggih deui ( 10 - i )
mun teu panggih deui ( 6 - i )
anggur pondok umur ( 6 - u )

14. Pangkur
Watekna nafsu, lumampah atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun ku tujuh padalisan.
Contona:


Seja nyaba ngalalana ( 8 - a )
ngitung lembur ngajajah milang kori ( 12 - i )
henteu puguh nu dijugjug ( 8 - u )
balik paman sadaya ( 7 - a )
nu ti mana tiluan semu rarusuh ( 12 - u )
Lurah Begal ngawalonan ( 8 - a )
" Aing ngaran Jayapati " ( 8 - i )


15. Pucung
Watekna piwuruk, wawaran, atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun ku opat padalisan.
Contona:

Estu untung nu bisa mupunjung indung ( 12 - u )
jeung nyenangkeun bapa ( 6 - a )
tanda yen bagjana gede ( 8 - e )
hirup mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 - a )

16. Sinom
Watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun ku salapan padalisan.
Contona:

Di wetan fajar balebat ( 8 - a )
panon poe arek bijil ( 8 - i )
sinarna ruhay burahay ( 8 - a )
kingkilaban beureum kuning ( 8 - i )
campur wungu saeutik ( 7 - i )
kaselapan semu biru ( 8 - u )
tanda Batara Surya ( 7 - a )
bade lumungsur ka bumi ( 8 - a )
murub mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 - a )


17. Wirangrong
Watekna era atawa wirang.
Unggal Pada diwangun ku genep padalisan.
Contona:

Jalma nu resep ngaluis ( 8 - i )
lumrahna resep ngaleos ( 8 - o )
ngan pacuan resep ngusut ( 8 - u )
komo mun resep ngarujit ( 8 - i )
teu aya batan basajan ( 8 - a )
sagala sigar tengahan ( 8 - a )